Jumat, 10 Mei 2019

Carpon "Puasa Munggaran"

Puasa Munggaran
Ku: Aini Mardiyah


Ratu. Pangawakan rada lintuh, pipina camihmil. Karesepna ngopi, ngagayem teu sirikna unggal waktu. Gaduh lanceuk dua. Nu kahiji lalaki, Sultan. Nu kadua awèwè, Salma.
Bulan Romadon ieu, Ratu diajar puasa. Enya diajar, pan teu acan sawawa.
Upama digeuingkeun saur, Ratu kacida hèsèna. Kalèkèd. Sakapeung kudu dipangku ku bapana, dicandak ka jamban. Tos gugah gè tara emam nyalira, kedah dihuapan ku indung. Ngahuap bari peureum, nyapèk bari lelenyapan. Mindeng terus ngagolèr tibra deui, digeuingkeun waktu Subuh.
Tos salat Subuh sok ngabeubeurang. Tara ulin ka luar imah jeung nu lian, ukur tiluan jeung nu jadi lanceuk anteng di imah maèn kartu, monopoli, ludo, halma, atawa congklak.
Lanceuk-lanceukna Ratu getèn maturan ulin.
Pasosorè paling karasa jadi gogoda puasa pikeun Ratu. Sabada solat Asar, waktu indungna masak tatahar idangan buka. “Aa, Tètèh, jalan-jalan jung sareng Adè. Ngabuburit.” Ibu sok miwarang Sultan sareng Salma ngabèbènjokeun Ratu. Ku Aana sok diajak ngabuburit. Leuleumpangan jauh ti imah sangkan teu kabita ku seungitna pasakan. Jauhna mah kumaha waktu, mun lila kènèh ka Magrib, sok rada jauh. Kalan-kalan can pati jauh geus balik deui da kaburu dur Magrib.
Upama pareng beurang kènèh teu kuat leuleus mah, Ratu tara milu ngabuburit jeung lanceuk-lanceukna. Ngadon diuk di dapur, ngahèroan indung nu keur masak. Lagu asak diasaan sahuap duahuap. Ku indungna tara dicaram. Karunyaeun.
Teu karasa puasa geus lilikuran. Tos ngawitan tatahar mayunan lebaran. Ibu tos ngadamel kuèh kering, ngeusian kèler nu sok dijajarkeun na mèja ari lebaran. Kèlèr parinuh ku kuèh lebaran kènging ngadamel ibu. Ngadamel kuèhna tèh sok tipeuting, sangkan barudak teu kabita ngangseu seungitna kuèh nu dibeuleum. Kèler kuèh nu pinuh tèh disumputkeun ku Ibu, ditutupan ku taplak  mèh teu ngabibita barudak nu puasa.
Bada Lohor, di bumi simpè. Tiiseun. Sultan bobo di kamerna. Salma tibra payuneun TV. Ibu salami Romadon rotin unggal bada Lohor  tadarusan sareng ibu-ibu di masigit. Ratu nu ngarasa nyorangan, kokotètèngan milarian dimana indungna nyimpen kuèh. Lomari makan dibukaan, welèh acan kapanggih. Rèt kana mèja gigireun kulkas. Taplakna nyungcung. Barang dibuka tèh kèler eusi kuèh ngajajar.
Rerencepan kèler dibuka, terus kuèhna dicandak. Sup ka kamer kolotna, nyusup ka handapeun simbut. Kuèh diopi. Jongjon anteng ngagayem kuèh di handapeun simbut.
Peutingna sabada Tarawèh, ibu hèmeng ningali loba sireum dina kasur. Barang nyingkabkeun simbut, handapeun simbut loba bubuk kuèh. Ibu teras ka dapur. Ningali kèler na luhur mèja masih rapih ditutupan taplak. Taplakna dibuka. Ditingalian kèlerna hiji-hiji. Enya wè kèler nastar katingali orot. Teg wè ka Ratu.
Ibu laju ka kamer Ratu. Teras calik na dipan nyampeurkeun Ratu nu keur gogolèran.
“Adè, gugah heula bageur. Kadieu calik sareng Ibu.” Ratu nguniang, teras calik papayun-payun sareng ibu.
Ibu neuteup raray Ratu. “Adè, dinten ieu saumna batal?” ibu naros ka Ratu.
Ratu teu ngajawab. Anggur ngeluk. Ku ibu diangkat gadona, ditanggahkeun deui. “Adè, saum tèh ngalatih kajujuran, dina mangsa ukur Alloh nu uninga yèn hidep puasa atawa henteu. Ibu, Bapa, Aa, Tètèh, moal terang Adè tos batal ku cara ngaemam kuèh. Tapi Alloh Maha Uninga. Upami Adè tos teu kiat haus atanapi lapar, nyarios wè ka Ibu. Sok eueut, emam. Keun da diajar kènèh. Tapi upami Adè ngan ukur kabita ningali kuèh, wayahna kedah ditahan. Tuh pan ngahaja ku ibu gè kèlèrna ditutupan nganggo taplak sangkan buni, teu katingali aya kuèh.” Indungna mapatahan Ratu nu keur isek-isekan nahan piceurikeun. “Tos nu atos mah. Sing èmut yèn Alloh Maha Uninga. Ènjing teraskeun diajar saum nu leres. Omat tong èlèh ku gogoda. Kahartos?” sora ibu laun tapi tegas. Ratu unggut. Hing ceurik. Ku ibu ditangkeup.
Isukna Ibu ngajak balanja baju lebaran. Dijajap ku supir ka Pasar Baru. Baju Ratu mah modèlna sok disaruakeun jeung tètèhna. Mèh sapopoè balanja baju, tiung, sapatu, sendal, mukena, ogè sarung jeung baju koko kanggo Bapa sareng Salman.
Anggoan weuteuh diseuseuh, terus diistrika. Disimpen di lomari pakèan. Ti saprak boga baju lebaran, Ratu jadi mindeng cicing di kamer. Lomari pakèan meusmeus dibuka, ningalian baju dulag.
Cunduk waktu maleman Takbir. Bapa nu sapuluh dinten i’tikaf, ngahaja mulih ti Masjid. Ngaimaman solat Isa di bumi. Sabada wiridan, Bapa cumarios dipayueneun Ibu, Sultan, Salma, sareng Ratu.
“Bulan Romadon tèh bulan nu pinuh ku kautamaan. Bulan pinuh barokah. Bulan Rohmat jeung bulan ibadah. Dimana pahala manglipet-lipet, du’a-du’a diijabah. Bulan Lailatul Qodar nu istimèwa. Ayeuna maleman takbir, urang baris papisah jeung bulan Romadon. Hayu urang ngadu’a, meredih ka Alloh Subhanahu wata’ala sangkan urang sakulawarga didugikeun deui ka Romadon taun payun.” sora Bapa dareuda.
“Bapa ogè Ibu reueus ka hidep, Aa, Tètèh, Adè. Reueus hidep sadaya tos usaha pikeun ngeusian bulan Romadon ku kagiatan nu mangpaat. Kabiasaan nu saè salami Romadon tèh sing terus manjang dina bulan Sawal nepi ka tepung deui Romadon.” Bapa neruskeun papatahna.
“Ratu... Bapa reueus pisan hidep tos diajar puasa taun ieu. Mugi taun payun mah bisa cacap tamat sabulan campleng, nya bageur.” Bapa ngusapan sirah Ratu.
Teras sadayana sasalaman. Dikawitan ku ibu munjungan ka bapa, diteraskeun Sultan munjungan ka ibu sareng bapa, dituturkeun ku Salma sareng Ratu.  Di luar sora takbir mirig ti masigit. “Allohu Akbar.  Allohu Akbar.  Allohu Akbar.  Laa Ilaaha illalloh huwallohu Akbar. Allohu Akbar walillahilhamdi.”