Kamis, 18 Desember 2014

Sajak

Kanggo Jungjunan
Jungjunan
Salira ukur kalangkang
Moal bisa dirampa
Tapi haté terus ngarasa anjeun aya
Ngamalir asih ngancik na ati
Ngahiji lir getih dina diri

Jungjunan
Jung geura lumaku
Najan haté wilut
Moal rék milu
Bral geura lumampah
Najan teu wasa nandangan
Moal rék diudag
Cag
Garut, 9 Maret 2014


Sajak

Duka Ah
Duka naonna
sagalana gé biasa
naha haté bet tibelat
Duka iraha
aya rasa nyulusup
naha haté bet kapincut
Duka kumaha
basa aya nu unggah
naha haté bet guligah
Kaéndahan nu teu meunang nyangsang
dijauhan disingkahan
tapi manéhna teu weléh ngalangkang
Ngolébat matak kabéngbat


Garut, 27 Maret 2014