Kanggo Jungjunan
Jungjunan
Salira ukur kalangkang
Moal bisa dirampa
Tapi haté terus ngarasa anjeun aya
Ngamalir asih ngancik na ati
Ngahiji lir getih dina diri
Jungjunan
Jung geura lumaku
Najan haté wilut
Moal rék milu
Bral geura lumampah
Najan teu wasa nandangan
Moal rék diudag
Cag
Garut,
9 Maret 2014
Kutiasaan eta ngareka basa tur rumaki.Bagja aya winoja Sunda nu masagimasagi dina seuratan
BalasHapusKutiasaan eta ngareka basa tur rumaki.Bagja aya winoja Sunda nu masagimasagi dina seuratan
BalasHapus