Kamis, 14 Maret 2019

Carpon "Nganteur Incu"

Nganteur Incu
Ku: Aini Mardiyah

Wanci haneut moyan, langit cangra, panon poè nyingraykeun halimun nu ti tadi nutupan. Koran digulanggapèr, ngahanca warta imeut nepi ka iklanna. Gorèng ulèn jeung cikopi nyampak na mèja di tepas hareup. Getèn pisan boga minantu tèh. Unggal isuk sok nyadiakeun lalawuh pikeun maturan kuring maca koran.
Saprak hirup nyabeulah, langka cicing di lembur. Sok disambat ku barudak, pajar tèh ngarah Apa aya nu ngurus. Enya da budak dua geus marisah. Hèsè ngarepkeun dianjangan ari lain usum pakanci mah. Matak sok ngagugu wè nuturkeun budak, bisa deukeut jeung incu, batan di imah nyorangan.

“Aki...!” incu nu geus dangdan rèk sakola nyampak gigireun. “Adè mah hoyong dijajap ku Aki.” Ceuk incu ogo. Adè, incu katilu. Pangrondèlna, bubuhan milu ngurus keur orokna. Basa indungna gawè, ngahaja teu nèang nu ngasuh. Diurus ku nini jeung aki da jaragjag kènèh, batan ku batur can puguh nyaahna.
“Hayu, dijajap ku Aki.” Kopi nu kari saeutik diuyup heula.  Budak ditungtun mapay jalan Komplèk, muru sakola PAUD. Keur meujeuhna kembang buruan. Baju biru, erok cèlè, ngagandong kantong eusi bekel meunang indungna. Leumpang ucad-aced, sakapeung hahariringan. Teu reureuh nyoara, sagala didongèngkeun, sakur nu katingali di jalan dipairan.
Kagugu ku polah incu, teu karasa leumpang ti imah di blok A nepi ka PAUD di Blok E. Wangunan sisi jalan dibèntèng jangkung, pinuh gambar lalucu. Di hareupna pager beusi warna-warni. Kaciri jul-jol barudak PAUD, lolobana dianteur ku kolotna.

Nepi ka gerbang sakola, budak lumpat muru guruna bari teu lèsot nungtun.
“Bu Guru... Adè dijajap ku Aki!” Adè sorana tarik, bangun bungah jeung reueus dianteur ku nu jadi aki.
Saliwatan ngarèrèt ka guruna Adè, asa apal. Pangawakan camperenik, baju biru dongker dicindung kasumba, dongko ngasongkeun panangan, “Adè... Assalamu’alaikum.” Budak sun tangan. Gebeg! Tètèla apal kana èta sora.
“Lilis?” kuring nanya asa-asa. Nu ditanya tanggah nyidik-nyidik, “Kang Adam?”
“Angger geulis waè Lilis mah.” Pok tèh.
“Ah, sakitu tos nini-nini.” Lilis nèmpas bari ngadilak. Angger siga baheula. Dilak nu matak tibelat.
“Sabaraha incu, Lis?” Lilis teu ngajawab. Paromanana bèda.
“Hayu Adè, simpen kantongna di Kelas.” Budak ditungtun ka jero kelas.
Palebah lawang kelas, Adè ngarandeg terus malik, “Aki ayeuna uih heula. Engkè jemput Adè.” Kuring unggeuk terus ngagupayan.
Can jauh lèngkah, kapireng loncèng. Barudak nu di jero kelas ngabrul ka buruan sakola,  ngabaris dibarengan ku guruna. Nu keur arulin di luar, lalumpatan milu baris. Nu anteng gogolosoran digupayan diajak baris. Kuring ningalikeun nu baris ti kajauhan, nepi ka barudak arasup ka kelas. Geus puguh Adè ka kelas mah terus wè mulang.

Sapanjang jalan ka imah, kagambar èndahna mangsa papacangan jeung Lilis. Awak camperenik, rupa geulis bawa ti kudrat, jeung deuih èta ku darèhdèhna. Teu saeutik nu naksir ka Lilis, kaasup kuring. Tapi teu wani wakca, sok inggis dipulang basa.
Hiji waktu basa pareng amprok lebah gapura dèsa, harita pada-pada jadi panitia Agustusan. Pasosorè bubar rapat, Lilis leumpang sorangan.
“Lis, badè teras kamana?” ngawani-wani nanya.
“Badè wangsul.” Jawabna.
“Wios disarengan?” kuring lahlahan.
“Mangga.” Jawab Lilis.
Kasempetan paduduaan. Ngamimitian mah ngobrolkeun kagiatan Agustusan di dèsa, terus nyosok jero ngobrolkeun eusi hatè. Teu sangka Lilis boga rasa nu sarua.
Ti harita mindeng babarengan. Sakapeung sok ngahaja nyampeurkeun ka sakolana di SPG Negri, muru waktu bubar sakola sok terus balik bareng. Leumpang duaan mapay jalan nu iuh ku tatangkalan.
Lulus SPG Lilis ditarima jadi PNS. Sabada pra-jabatan Lilis ditugaskeun ka luar kota. Ti saprak manèhna ditugaskeun di luar kota, les taya iberna. Mawa carita nu can lekasan. Aya rasa hanjakal teu bisa nyungsi di mana laratanana, harita indung bapana ogè milu pindah bari teu apal ka mana.

Bulan ganti taun, umur geus manjing rumah tangga. Ningali kuring nu tungkul kana gawè teu mikiran nèang batur hirup, nu jadi kolot milu mikiran. Diwanohkeun ka wanoja anak nunggal sobat bapa. Ani. Umurna mèh sapantaran jeung kuring. Demi ngabagjakeun hatè kolot, sapuk jatukrami.
Keuna ku paribasa, bogoh mah nuturkeun. Dua taun rumah tangga tumuwuh rasa nyaah. Ani ngandeg. Gubrag si cikal, lalaki. Rumah tangga beuki pageuh. Katambah basa boga budak nu kadua, awèwè. Bagja kacida jadi bapa.
Taun-taun ngambahan sagara rumah tangga jeung Ani, nepi ka incuan. Tapi takdir Gusti teu bisa dipungkir, Ani miheulaan ka kalanggengan. Asa diheulang, puguh teu gering heula, jeung deuih tara ngangluh aya nu karasa. Sababaraha waktu mah leungiteun, tuman sagala dikawulaan.
Teu lila kaleleban, da hirup kudu terus lumaku. Ras inget ka nu aya, anak minantu jeung incu, piraku terus nguyung. Mimitina ngabèrag-bèrag manèh, lila-lila geus biasa ngurus diri.

Anteng nyawang mangsa katukang, nganteur lèngkah nepi ka imah. Di imah kasampak indungna Adè keur raracik di dapur. Kuring diuk nyampeurkeun ka mèja makan.
“Aèh, Apa tos mulih. Cai, Pa...” minantu ngasongkeun cai hèrang na emuk nu paranti. “Hapunten ngadamelkeun, tara-tara Adè palay dijajap ku Apa.” Manèhna terus sasadu.
“Keun waè atuh, bari Apa sepor leuleumpangan ngajagjagkeun suku.” Ceuk kuring.
“Sakinten teu hoyong diantosan ku Apa.” Ceuk indungna Adè.
“Enya hideng budak tèh. Lagu baris mah ngajurungkeun Apa, tapi cenah engkè jemput deui uihna.” Jawab kuring reueus.
“Nèng, guruna Adè tèh aya nu namina Bu Lilis?” muka obrolan jeung indungna Adè, panasaran hayang apal kumaha Lilis ayeuna.
“Muhun, Apa. Bu Lilis tèh Kepala PAUD. Anjeuna pangsiunan. Muka PAUD di Komplèk,  nembè taun kadua ayeuna. Adè tèh angkatan kadua.” Enèng muka carita kumaha pangna Lilis aya di Komplèk ieu. Pan lain kakara kuring nganjang ka dieu tèh.
“Bumina di Komplèk ogè, Nèng?” kuring nanya deui.
“Muhun, Apa. Di blok E caket sakola.” Enèng ngajawab bari ngumbahan sayureun.
Cai na emuk kari satengahna. Pikiran teu leupas ti Lilis. Teu sangka bakal panggih deui. Jeung angger siga baheula, rupana, pangawakanana, dilakna. Duh... mulangkeun panineungan. Ari kuring mah katingali kolotna tèh, sirah geus wungkul huis, gurat-gurat karijut teu bisa disumput-sumput.
Tambah panasaran, da tadi teu ngajawab ditanya geus boga incu sabaraha tèh. Pan kuring mah geus tilu incu tèh. Nanya deui ka Enèng, “Ari Bu Lilis tos gaduh incu?”
“Bu Lilis mah henteu nikah, Apa...”

Lis, naha anjeun milih hirup lalagasan? Naon nu jadi cukang lantaran? Hayang teuing ngahiap neruskeun carita urang duaan.  Bagja temen mun dina sèsa umur, anjeun purun pikeun jadi batur hirup. Meungkeut kadeudeuh nu maneuh, matri asih nu bihari.
***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar