Sabtu, 23 Maret 2019

Kampung Angklung

Kampung Angklung

Angklung tèh alat musik tradisional urang Sunda. Angklung sumebar mèh di sakuliah Jawa Barat. Tapi anu nyieunan angklung ukur aya di sababaraha tempat. Diantarana di Saung Udjo Bandung. Lian ti Saung Udjo, aya ogè tempat nyieun angklung di Ciamis, nu dikokolakeun ku Pa Mumu.
Pa Mumu Angklung, kitu katelahna. Nami lengkepna mah Pa Alimudin. Anjeuna pengrajin angklung tradisional. Ari pangna bisa nyieun angklung, mimitina mah buburuh nyieun angklung di Banjar. Bisa nyieun angklung tèh ti saprak anjeunna lulus STM taun 1986. Anjeuna ahli nyurupkeun nada. Harita, waktos Pa Mumu buburuh di pabrik angklung, teu diajarkeun kumaha carana nyurupkeun nada. Mun ceuk urang Barat mah Pa Mumu tèh learning by doing.
Tuluy Pa Mumu ngarintis Kampung Anklung sorangan di Ciamis. Motivasi Pa Mumu ngarintis Kampung angklung tèh lantaran di Kabupaten Ciamis loba sumber daya alam mangrupi awi. Ari awi apan jadi bahan utama nyieun angklung.
Lian ti ngabaladah Kampung Angklung, Pa Mumu ogè ngajak masarakat sabudeureunana pikeun aub nyieunan angklung. Kukituna pesenan angklung nu teras undak kuanjeunna bisa kaladangan.
Pa Mumu mah teu lebar babagi èlmu kumaha carana nyieun angklung ka masarakat sabudeureun. Pa Mumu teu sieun bèakeun orderan. Keur anjeunna mah, ngamalkeun èlmu èta amal nu pahalana terus ngocor. Buktina, geuning pesenan angklungna kalah beuki undak.
Dina sapoè anjeunna bisa nyieun dua puluh sèt angklung. Harga sasètna rupa-rupa. Ti mimiti 75 rèbu rupia, nepi ka nu pangmahalna jutaan rupia. Anu mahal hargana tèh nyaèta angklung arumba.
Tah, waktu aya acara mièling Konferensi Asia Afrika (KAA) di Bandung, Pa Mumu meunang pesenan dua puluh rèbu angklung.
Angklung jieunan Pa Mumu mah aya ciri mandirina, nyaèta aya lukisan batikna. Lian ti èta kualitas awina gè hadè, lantaran dipilihan tina awi nu geus garing.
Numutkeun anjeunna, prosès nyieun angklung tèh gampang pisan. Komo lamun urang geus apal kumaha nyetèlkeun nada dina unggal angklung.
Prosès kahiji, nyaèta milih awi nu rèk dijieun angklung. Èta awi dipoè laju diteukteukan luyu sareng ukuran jeung nada nu diperlukeun. Awi meunang neuteukan dikumbah ku sabun. Prosès saterusna awi dipoè deui dugi ka garing.
Awi nu geus garing terus digambaran motip batik. Pakakas pikeun ngagambaran siga soldèr listrik. Dina ngagambaran tèh kudu tulatèn, sabab hasil gambarna bakal permanèn. Pageuh teu bisa dipupus. Sanggeus digambaran, èta awi tèh dipernis sangkan leuwih artistik tur sangkan leuwih awèt kana bahan.
Sabada dipernis, potongan angklung dipoè deui nepi ka garing. Terus dihijikeun, ditalian ku tali hoè atawa tali awi. Ti dinya disetèl nada. Samèmèh dipasarkeun, angklung ditunda sapoè nepi ka tilu poè pikeun ngaroris kualitas bahan jeung nada. Angklung dipariksa deui, naha aya nu robah boh dina bahan atawa dina nada. Upama aya nu robah, angklung diomèan deui.
Pa Mumu tèh dumukna di Dusun Linggamanik, RT 02, RW 07, Desa Panyingkiran, Kecamatan Ciamis, Kabupatèn Ciamis. Di lemburna aya saratus urang tukang nyieunan angklung binaanana. Dina taun 2014, Pa Mumu ngarintis lemburna jadi Kampung Angklung tèa. Sabada ngamprah ka Pamarèntah Kabupaten Ciamis, dina taun 2016 wewengkon RW 07, Dusun Linggamanik, resmi jadi Kampung Angklung.
Sabada diresmikeun janten Kampung Angklung, Pa Mumu jeung pengrajin sèjènna tara kosong pesenan. Malah Kampung Angklung mindeng dijugjug ku mahasiswa ti luar daèrah pikeun diajar nyieun angklung.
Taun 2016, Pa Mumu kapilih jadi Pelopor Pemberdayaan Masyarakat ku Gubernur Jawa Barat.
Hanjakal, Kampung Angklung Pa Mumu tacan boga galèri. Kitu deui sanggar tempat pikeun midangkeun seni angklung gè can aya. Ku kituna Pa Mumu miharep Pemkab Ciamis sangkan ngabantu pikeun ngembangkeun Kampung Angklung. Pa Mumu boga cita-cita, Kampung Angklungna tiasa jadi tujuan wisata budaya di Kabupatèn Ciamis.

Minggu, 17 Maret 2019

Carpon "Céngcéléngan"

Cèngcèlèngan
Ku: Aini Mardiyah

Pèrè sakola taun ieu mareng perè Lebaran. Tepung jeung dulur nu sarua pakanci. Libur panjang, laluasa ulin jeung babaturan salembur. Saminggu deui mangsa perè sakola lekasan. Barudak mimiti tatahar asup sakola. Aa Sultan mah tos ka Pasantrèn deui di Jawa Timur, ti kaping sapuluh Sawal. Tèh Salma mah naèk ka kelas tilu SD. 
Taun ieu Ratu umurna manjing sakola SD. Saatos dua taun di TK Pucuk Harepan, ayeuna daptar ka SD Percèka. 
Saragam sakola sareng tiungna tos dipangmèsèrkeun ku ibu, kitu deui buku sareng alat tulisna.

Dinten Minggu nu cangra. Ibu tanginas badè angkat ka pasar. Badè balanja kaperyogian di bumi sareng mèsèr buku kanggo Tèh Salma. “Adè badè ngiring atanapi ameng di bumi sareng Tètèh?” ibu naros ka Ratu nu nuju anteng nongton TV.
“Adè ngiring...! Pan badè mèsèr sapatu amèh dicobian heula. Sareng kantong, nya Bu?” Ratu nyampeurkeun ibu.
“Adè, ku ibu moal waka dipangmèsèrkeun sapatu sareng kantong. Wayahna anggo heula sapatu sareng kantong tilas di TK.” saur ibu neuteup bari ngusapan Ratu.
“Ari Tètèh geuning atos dipangmèsèrkeun sapatu sareng kantong?” Ratu ngaheruk. Salma mèmang tos gaduh sapatu sareng kantong weuteuh. Ibu mèsèrna waktos balanja saragam Ratu.
“Apan sapatu Tètèh tos sereg. Kantongna tos badè pegat. Kantong sareng sapatu Adè mah pan tiasa kènèh dianggo.” saur ibu. 
“Wayahna nya bageur, artosna teu cekap.” Ibu balaka ka Ratu. 
Bapa mung padamel honorèr. Jaba tos lebaran, seueur pèsèreun. Kaperyogian mayunan taun ajaran ènggal seueur pisan. Aa nu masantrèn kedah daptar ulang, waragadna henteu sakedik. Bapa sareng ibu sok ngutamikeun kaperyogian Aa. Badè ka Pasantrèn mèsèr raksukan sareng kaperyogian sanèsna. Kituna mah pantes, apan Aa mah tebih masantrènna. Kanggo bekel di ditu tèh kedah sasadiaan.
 “Bu, Adè ogè hoyong mèsèr sapatu sareng kantong.” Ratu nyarios ka ibu. Ngadangu kitu, ibu teu nyarios nanaon.
Ibu sanès tèga henteu mèsèr sapatu sareng kantong anyar kanggo Ratu, tapi kitu tèa waragadna dibagi-bagi. Sepuh mah pasti palay ningali putrana ginding ka sakola dina poè munggaran, komo ieu munggaran sakola nu saenyana di sakola dasar.
“Nganggo artos Adè, wèh..!” Ratu nyepeng panangan ibu.
“Adè kagungan artos, kitu?” ibu naros.
“Gaduh. Antosan, geura.” Ratu lumpat ka kamerna. Muka lomari pakèan, di hambalan tengah diantara tumpukan baju, aya cèngcèlèngan bonèka pelastik pulas beureum. Cèngcèlèngan dicandak ku Ratu, ditangkeup laju lumpat deui nyampeurkeun ibu.
Song, cèngcèlèngan dipasihkeun ka ibu. “Leuh... ieu tèh cèngcèlèngan nu kènging mèsèr di sakolaan Tètèh tèa?” Ibu èmuteun yèn èta cèngcèlèngan tèh harita mèsèrna waktos Ratu ngiring jajap tètèhna ka sakola sataun kalangkung.
“Ampeg. Tos pinuh ieu mah, Dè...” cèngcèlèngan dioyagkeun ku ibu. 
“Ieu cepeng heula ku Adè cèngcèlènganana. Ibu badè ngabantun heula pèso di pawon.” saur ibu.
Cèngcèlèngan diteukteuk, dibuka. Purudul, eusina dikaluarkeun. Artos rècèh ngabarak dina karpèt. Hiji-hiji dièntèpan ku ibu. “Sok, Tèh bantuan èntèpan sapuluh rèbuan, teras jajarkeun ngarah gampil ngètangna.” saur ibu ka Salma. 
Artos nu kènging ngèntèpan dipalastikan, ditalikeun. Sapalastikna sapuluh rèbu. Cèngcèlèngan Ratu eusina aya opat ratus rèbu langkung.
“Alhamdulillah... kènging seueur, Dè. Cekap kanggo mèsèr sapatu sareng kantong. Hayu, gentos acukna! Adè ngiring sareng ibu ka pasar.” Saur ibu reueus. 
Ratu rikat ka kamer salin acuk. Bungah bakal gaduh sapatu sareng kantong anyar kanggo sakola, ladang nyèngcèlèngan. 

Usum perè sakola katompèrnakeun, di pasar heurin usik mèh siga mapag Lebaran. Lolobana nu balanja tèh ka toko-toko nu nyadiakeun saragam sakola, kantong, jeung sapatu. Kitu deui toko buku pada ngajugjug. Geus ilahar atuda, unggal taun ajaran anyar barudak sakola sok marakè saragam weuteuh, sapatu jeung kantong anyar.

Sapoè lima sèn
Nyèngcèlèngan sing titèn
Rèk indit sakola
Misahkeun duit heula

Sapoè sarèbu
Saminggu tujuh rèbu
Sataun geus puguh
Cèngcèlèngan geus pinuh

Mun wekel mun temen
Duit anu disimpen
Dibobok dibuka
Meureun geus jadi loba

Kamis, 14 Maret 2019

Masantrénkeun Budak



Masantrenkeun Budak
(Bagèan kagenep)

Garut, 12 Juli 2016 mareng Sulthan milangkala ka dua belas. Ngumpul ngariung sadulur-dulur ti Bandung. Aya akina, ninina, bibina, uwana, sareng kapi lanceuk tur kapiadina. Kumpul di Garut tèh pèdah Sulthan badè miang ujian lebet ka Pasantrèn Gontor di Ponorogo Jawa Timur.
Bada asar, angkat dijajap ku indung, bapa, aki, nini, sareng nu jadi adi.
Dugi ka Gotor Pusat, teras milari informasi ngeunaan pendaftaran. Numutkeun bèwara dina papan pengumuman, waktu pendaftaran tèh bada Isa
Bada Isa ngumpul di tempat nu disadiakeun. Ngeusian formulir terus dikumpulkeun ka panitia pendaftaran. Babayar biaya pendaftaran, wawancara, di ruang husus.
Terus muru ka tempat pemeriksaan kesehatan. Ngeusian riwayat kesehatan, kungsi operasi atawa aya riwayat panyakit lianna, diukur beurat badan, jeung tès urin.
Langkung tengah wengi rèngsè tès kesehatan, terus balanja kasur pikeun ngarereb, Sulthan dijajap ka asrama.
Di asrama kasampak calon santri nu badè ngiring ujian ngagalolèr dina kasur lipet, gempar minuhan kamer. Kantong, koper, èmbèr, disimpen di sabudeureunana.
Asrama samodèl karantina pikeun calon santri. Istilahna Capel (calon pelajar). Di asrama diajar pangajaran persiapan ujian ogè diajar budaya Pasantrèn saperti cara disarung has Gontor.
Ti dinya mah cul Sulthan ditinggalkeun di asrama. Nu jajap laju ka Garut, iwal bapana nu nalingakeun homestay di caket Pondok dugi ka Pengumuman hasil ujian.
Cacak geus diajam ti genep taun kalarung, cimata indung teu kaampeuh bedah sajajalan.
Ujian lumangsung ti tanggal sabelas Syawal. Pengumuman hasil ujian tanggal lima belas syawal.

(hanca)

Masantrénkeun Budak

Masantrènkeun Budak (bagèan katilu)

Diajamkeun neruskeun ka Pasantrèn ti barang asup ka kelas 1 Madrasah Ibtidaiyah (satingkat SD), nincak kelas 5 MI semèster dua, Sulthan dipasihan jadwal ku ramana. Jadwal diterapkeun na tèmbok payuneun kamèrna. Ngingetan yèn sataun satengah deui baris masantrèn ka Gontor di Jawa Timur. Kudu tatahar, "bebekelan" nyaèta "DISIPLIN WAKTU JEUNG KAMANDIRIAN."
Hal-hal tèknis siga ngaliwet, nyeuseuh, ngumbah wadah, bèbèrès kamer, dijadwalkeun, dibimbing ku indung.
Diajar bahasa Arab, Nahwu, Shorof, dibimbing ku Emangna, Ayi Badruzaman, nu sok ngawuruk ngaos. Saterasna diwuruk ku Pa Andri (guru ngaos).
Hiji deui Tahfidz Qur'an Juz 29-30, ka indung deui waè.
Dina èmprona dajar disiplin waktu jeung kamandirian ku indung mah geuning seueur ombèr. Karunya lah, teu tèga lah.
Antukna nu jadi udagan (target) tahfidz teu cumpon. Diajar nyeuseuhan gè da teu jalan. Ukur sakali diajar nyeuseuh seragam sakola sapangadeg. Hatè indung ceurik teu tèga ningal ramo leutik ngagiles, nyikat, meureut seuseuhan. Atuh saterusna sina kana mesin cucikeun, diseuseuhan ku indung.
Jadwal nu dipasang dipungkas ku kalimah, "Mun teu bisa jeung teu biasa, rèk kumaha di dituna? Inget! Gontor tèh jauh, moal bisa mènta tulung ka indung/bapa. Matakna siapkeun jeung biasakeun. "Kudu disiplin jeung mandiri."
Muga ieu kotrètan tiasa dicandak sisi positipna, pieunteungeun yèn nyaah ka putra tèh sanès sagala diladènan, tapi diatik dididik sangkan mandiri pibekeleun hirupna jaga.

Carita Sulthan

Diajar Hirup Peurih

Nyakolakeun budak di Pasantrèn nu jauh ti lembur, di Banyuwangi Jawa Timur sanès bantrak-bantrakeun waruga nu jadi indung pikeun ngalongokan siga batur. Ongkohna gè pun anak mah da alim dilongokan.
Pendak tèh mangsa perè sakola wè sataun dua kali.

Waktos ngajemput perè ahir taun di Bandung, pertengahan Mei kalangkung di Pusdai Bandung, salah saurang wali santri naros ari Sulthan -pun anak- hambur kana artos henteu, da putrana mah hambur pisan cenah. Waler sim kuring Sulthan mah henteu.

Nuju emam di ninina di Bandung, Sulthan jol nyarios yèn can kantos emam di kantin kajaba ditraktir atanapi kènging hadiah ti guruna. Horèng nu sanès mah sok ngadon emam di kantin. Nu jadi indung asa ngenes nguping obrolan kitu. Panasaran naros naha sabaraha kitu alas emam di kantin tèh. Sulthan teu terangeun da teu kantos mayar nyalira tèa. Ngalaman emam di kantin tèh ngajawab kuis di kelas hadiahna "makan satu kali di kantin" sareng ulangan pami peunteun salapan hadiahna "makan di kantin tiga kali".
Èstuning satapa-tapa jatah emam ti Pasantrèn wè budak tèh. Ditaros mènu naon di Pondok nu teu sedep, tèrong, cenah. Tèrong tèh pait cenah tapi sok diemam wè. Budak nu tadina pipilih pisan dina barang emam janten sagala sedep. "Makan untuk hidup, bukan hidup untuk makan" prinsip èta tos napel.

Potrèt di Rumah Makan Kampung Muara Sunda - Garut, 23/5/2017.

Fikmin "Bui Nu Suci"

BUI NU SUCI

Kuring ukur ngagugu basa ku kolot didaptarkeun ka Pasantrèn.  Peunteun alus na ijasah teu dipalirè. Kuring nu mangkat rumaja, dijauhkeun ti indung bapa.
Enya tèga boga kolot tèh.  Indung jeung bapa tèga kuring dipasantrèkeun, sabab percaya di Pasantrèn kuring dididik lain dipiceun. Tèga alatan Pasantrèn tèh tempat atikan jeung diajar kahirupan.  Aranjeuna sadar yèn kuring di Pasantrèn moal diantep teu kaurus. Iklas kuring dididik, dilatih.  Najan raga paanggang, pangdungana marengan. Yakin Alloh nu ngajaga ngariksa.
Kayakinan nu jadi kolot, mawa teteg ka kuring. Yakin di Pasantrèn moal maot alatan kalaparan.  Moal bodo alatan teu milu elès itu-ieu. Moal tinggaleun alatan teu nyekel ‘gadget’. 
Nongtorèng papatah Mama Ajengan, “Nyiar èlmu sangkan jadi jalma bener, lain ukur jadi jalma pinter. Jadi jalma teu cukup sakadar solèh, tapi kudu mawa mangpaat pikeun umat.”
Di dieu kuring ibadah nyiar èlmu, diatik sangkan ngadungakeun indung bapa.  Di Pasantrèn, lain di bui nu suci.

Carpon "Rék Dibabuk"

Rék Dibabuk
Ku: Aini Mardiyah

Wanci pecat sawed, murid TK Pucuk Harepan jongjon dialajar sareng Bu Guru.
“Hayu... dibéréskeun heula alat tulisna, tos waktosna istirahat.” Bu guru ngiberan.
Barudak rikat méréskeun buku, patlot gambar, pamupus, sareng kerayon, laju disimpen kana laci séwang-séwangan.
Teras caralik deui, rampak nyanyi kawih “Wawasuh Tangan”. Wawasuh panangan. Kedah émut sabunna. Di cai nu ngocor, lantip wasuh sing rata. Dadampal panangan. Tonggong panangan. Sesela réma. Kuku-kuku réma.
Diteraskeun ngucap sa’ir, “Sateuacan emam, wasuh panangan, nyapékna henteu ceplak.”
Tos kitu tartib ka luar, muru bak cuci tangan. Piligenti ngumbah panangan.
Ka kelas deui ngadu’a sateuacan emam, “Allohumma baariklanaa fiimaa rojaqtanaa waqinaa ‘adzaabannaar. Mugi Alloh miberkah kana sadaya rejeki tuangeun sareng leueuteun ieu. Aamiin.
Brak barudak murak bekelna sèwang-sèwangan.
“Ibu... abdi emam sareng naon?” Gibran naros ka Bu Guru, ngajak teteguhan.
“Mmm, sareng naon nya?” saur Bu Guru bari curukna noélan mastaka. “Sareng endog!” waler Bu Guru.
“Endog? Cikan...” Gibran muka tutup téplakna.
“Ibu leres, sareng endog!” saur Gibran bangun nu atoh.
“Alhamdulillah, kateguh.” Bu Guru imut.
Barudak balakécrakan aremam. Silih raosan bekel.
Sabada aremam, teras arameng. Aya nu ameng  di ruang bermain, aya ogè anu ameng di buruan sakola.
Teu apal kumaha ngawitanana, Èki kasampak nuju direjeng ku ibu guru di tèras.  Bu Ani nyampeurkeun, "Èki, hoyong naon bageur?" Katingali Èki ambek naker.
"Yu sareng ibu." Saur Bu Ani. Èki teu nembalan, ukur teterejel.
"Rék dibabuk!" Èki ngagorowok.
"Saha nu badé diteunggeul?"  Bu Ani naros, sorana halon.
"Si Odi!" jawab Èki bangun nu keuheul.
"Ih, teu kenging atuh bageur, apan sareng réréncangan." Bu Ani neuteup ngolo Èki.
"Rék dibabuk pokona mah!" pok deui Èki bari nerejel.
"Hayu atuh badé dimana, di lapang?" saur Bu Ani. Panangan Èki nu titadi dicepengan dilésotkeun.
"Da ieu mah nyaan!" cék Èki. Sorana rada leuleuy.
"Muhun nyaan.” Bu Ani ngayakinkeun Èki.
“Odi... kadieu!" Bu Ani ngagupayan Odi nu nyempod kasieunan. Ti barang ningali Èki ambek, Odi nyumput caket aayunan bari ngawaskeun Èki nu ngarah rék ngababuk.
Digupayan ku Bu Ani, Odi nyampeurkeun bari semu tungkul. Pantesna téh sieun ku Èki nu awakna leuwih jangkung batan Odi.
"Sok ku ibu diwasitan. Èki di sudut mérah. Odi di sudut kuning." Saur Bu Ani.
Nyéh Èki sareng Odi imut.
“Tuh... geuning kasép ari imut mah. Resep lah ibu mah ningalna gé. Bu Ani ngaléng Èki jeung Odi. Teras duanana ditungtun ka kelas, gék caralik. Bu Ani calik di tengah.
"Èki, kunaon hoyong neunggeul Odi?" Bu Ani naros Èki, sorana halon.
"Da Odina neunggeul." cék Èki.
"Ari Odi kunaon neunggeul Èki?"  Bu Ani naros bari neuteup ka Odi.
"Atuh da abdi labuh dihoyah-hoyah," jawab Odi.
"Oh... engké mah upami aya nu geubis tong dihoyah-hoyah, anggur mah ditulungan. Kahartos, Èki?” Bu Ani ngawartosan Èki. Èki unggut.
“Tah Odi, kedah ngadalikeun diri. Pananganna dijaga tina teuteunggeul. Geuning Odi ogè alim diteunggeul.” Bu Ani mapagahan bari nyepeng panangan Odi.
Odi tungkul, kahartoseun yèn hampang leungeun tèh teu saè.
”Sok ayeuna mah sasalaman." saur Bu Ani
Odi  sasalaman sareng Èki.
“Kitu nya bageur, sing runtut raut sauyunan.” Bu Ani nepuk punduk Èki sareng Odi. Laju ngacungkeun dua jempol panangan.
“Amengna sakedap deui...!” Bu Guru ngawartosan ka sadayana, yèn waktos ameng tèrèh sèèp.
Teu kantos lami, sora kecrèk tanda mungkas istirahat disadakeun. Barudak nu ameng di luar, birat muru ka kelas.
Nu arameng di ruang bermain mèrèsan cocooan tilas amengna. Balok-balok disimpen luyu sareng kelompokna. Karpèt puzzle dièntèpan deui. Lègo disimpenan deui kana wadahna. Plastisin dibuleud-buleudkeun deui, disimpen di tempatna. Kitu deui nu ameng bonèka, sadayana dirapihkeun. Tos bèrès tilas ameng, teras ka kelas ngumpul sareng rèrèncangan. Calik ngariung. Teu karaos sakedap deui waktosna uih sakola.***