Kamis, 14 Maret 2019

Carpon "Rék Dibabuk"

Rék Dibabuk
Ku: Aini Mardiyah

Wanci pecat sawed, murid TK Pucuk Harepan jongjon dialajar sareng Bu Guru.
“Hayu... dibéréskeun heula alat tulisna, tos waktosna istirahat.” Bu guru ngiberan.
Barudak rikat méréskeun buku, patlot gambar, pamupus, sareng kerayon, laju disimpen kana laci séwang-séwangan.
Teras caralik deui, rampak nyanyi kawih “Wawasuh Tangan”. Wawasuh panangan. Kedah émut sabunna. Di cai nu ngocor, lantip wasuh sing rata. Dadampal panangan. Tonggong panangan. Sesela réma. Kuku-kuku réma.
Diteraskeun ngucap sa’ir, “Sateuacan emam, wasuh panangan, nyapékna henteu ceplak.”
Tos kitu tartib ka luar, muru bak cuci tangan. Piligenti ngumbah panangan.
Ka kelas deui ngadu’a sateuacan emam, “Allohumma baariklanaa fiimaa rojaqtanaa waqinaa ‘adzaabannaar. Mugi Alloh miberkah kana sadaya rejeki tuangeun sareng leueuteun ieu. Aamiin.
Brak barudak murak bekelna sèwang-sèwangan.
“Ibu... abdi emam sareng naon?” Gibran naros ka Bu Guru, ngajak teteguhan.
“Mmm, sareng naon nya?” saur Bu Guru bari curukna noélan mastaka. “Sareng endog!” waler Bu Guru.
“Endog? Cikan...” Gibran muka tutup téplakna.
“Ibu leres, sareng endog!” saur Gibran bangun nu atoh.
“Alhamdulillah, kateguh.” Bu Guru imut.
Barudak balakécrakan aremam. Silih raosan bekel.
Sabada aremam, teras arameng. Aya nu ameng  di ruang bermain, aya ogè anu ameng di buruan sakola.
Teu apal kumaha ngawitanana, Èki kasampak nuju direjeng ku ibu guru di tèras.  Bu Ani nyampeurkeun, "Èki, hoyong naon bageur?" Katingali Èki ambek naker.
"Yu sareng ibu." Saur Bu Ani. Èki teu nembalan, ukur teterejel.
"Rék dibabuk!" Èki ngagorowok.
"Saha nu badé diteunggeul?"  Bu Ani naros, sorana halon.
"Si Odi!" jawab Èki bangun nu keuheul.
"Ih, teu kenging atuh bageur, apan sareng réréncangan." Bu Ani neuteup ngolo Èki.
"Rék dibabuk pokona mah!" pok deui Èki bari nerejel.
"Hayu atuh badé dimana, di lapang?" saur Bu Ani. Panangan Èki nu titadi dicepengan dilésotkeun.
"Da ieu mah nyaan!" cék Èki. Sorana rada leuleuy.
"Muhun nyaan.” Bu Ani ngayakinkeun Èki.
“Odi... kadieu!" Bu Ani ngagupayan Odi nu nyempod kasieunan. Ti barang ningali Èki ambek, Odi nyumput caket aayunan bari ngawaskeun Èki nu ngarah rék ngababuk.
Digupayan ku Bu Ani, Odi nyampeurkeun bari semu tungkul. Pantesna téh sieun ku Èki nu awakna leuwih jangkung batan Odi.
"Sok ku ibu diwasitan. Èki di sudut mérah. Odi di sudut kuning." Saur Bu Ani.
Nyéh Èki sareng Odi imut.
“Tuh... geuning kasép ari imut mah. Resep lah ibu mah ningalna gé. Bu Ani ngaléng Èki jeung Odi. Teras duanana ditungtun ka kelas, gék caralik. Bu Ani calik di tengah.
"Èki, kunaon hoyong neunggeul Odi?" Bu Ani naros Èki, sorana halon.
"Da Odina neunggeul." cék Èki.
"Ari Odi kunaon neunggeul Èki?"  Bu Ani naros bari neuteup ka Odi.
"Atuh da abdi labuh dihoyah-hoyah," jawab Odi.
"Oh... engké mah upami aya nu geubis tong dihoyah-hoyah, anggur mah ditulungan. Kahartos, Èki?” Bu Ani ngawartosan Èki. Èki unggut.
“Tah Odi, kedah ngadalikeun diri. Pananganna dijaga tina teuteunggeul. Geuning Odi ogè alim diteunggeul.” Bu Ani mapagahan bari nyepeng panangan Odi.
Odi tungkul, kahartoseun yèn hampang leungeun tèh teu saè.
”Sok ayeuna mah sasalaman." saur Bu Ani
Odi  sasalaman sareng Èki.
“Kitu nya bageur, sing runtut raut sauyunan.” Bu Ani nepuk punduk Èki sareng Odi. Laju ngacungkeun dua jempol panangan.
“Amengna sakedap deui...!” Bu Guru ngawartosan ka sadayana, yèn waktos ameng tèrèh sèèp.
Teu kantos lami, sora kecrèk tanda mungkas istirahat disadakeun. Barudak nu ameng di luar, birat muru ka kelas.
Nu arameng di ruang bermain mèrèsan cocooan tilas amengna. Balok-balok disimpen luyu sareng kelompokna. Karpèt puzzle dièntèpan deui. Lègo disimpenan deui kana wadahna. Plastisin dibuleud-buleudkeun deui, disimpen di tempatna. Kitu deui nu ameng bonèka, sadayana dirapihkeun. Tos bèrès tilas ameng, teras ka kelas ngumpul sareng rèrèncangan. Calik ngariung. Teu karaos sakedap deui waktosna uih sakola.***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar