Sabtu, 23 Maret 2019

Kampung Angklung

Kampung Angklung

Angklung tèh alat musik tradisional urang Sunda. Angklung sumebar mèh di sakuliah Jawa Barat. Tapi anu nyieunan angklung ukur aya di sababaraha tempat. Diantarana di Saung Udjo Bandung. Lian ti Saung Udjo, aya ogè tempat nyieun angklung di Ciamis, nu dikokolakeun ku Pa Mumu.
Pa Mumu Angklung, kitu katelahna. Nami lengkepna mah Pa Alimudin. Anjeuna pengrajin angklung tradisional. Ari pangna bisa nyieun angklung, mimitina mah buburuh nyieun angklung di Banjar. Bisa nyieun angklung tèh ti saprak anjeunna lulus STM taun 1986. Anjeuna ahli nyurupkeun nada. Harita, waktos Pa Mumu buburuh di pabrik angklung, teu diajarkeun kumaha carana nyurupkeun nada. Mun ceuk urang Barat mah Pa Mumu tèh learning by doing.
Tuluy Pa Mumu ngarintis Kampung Anklung sorangan di Ciamis. Motivasi Pa Mumu ngarintis Kampung angklung tèh lantaran di Kabupaten Ciamis loba sumber daya alam mangrupi awi. Ari awi apan jadi bahan utama nyieun angklung.
Lian ti ngabaladah Kampung Angklung, Pa Mumu ogè ngajak masarakat sabudeureunana pikeun aub nyieunan angklung. Kukituna pesenan angklung nu teras undak kuanjeunna bisa kaladangan.
Pa Mumu mah teu lebar babagi èlmu kumaha carana nyieun angklung ka masarakat sabudeureun. Pa Mumu teu sieun bèakeun orderan. Keur anjeunna mah, ngamalkeun èlmu èta amal nu pahalana terus ngocor. Buktina, geuning pesenan angklungna kalah beuki undak.
Dina sapoè anjeunna bisa nyieun dua puluh sèt angklung. Harga sasètna rupa-rupa. Ti mimiti 75 rèbu rupia, nepi ka nu pangmahalna jutaan rupia. Anu mahal hargana tèh nyaèta angklung arumba.
Tah, waktu aya acara mièling Konferensi Asia Afrika (KAA) di Bandung, Pa Mumu meunang pesenan dua puluh rèbu angklung.
Angklung jieunan Pa Mumu mah aya ciri mandirina, nyaèta aya lukisan batikna. Lian ti èta kualitas awina gè hadè, lantaran dipilihan tina awi nu geus garing.
Numutkeun anjeunna, prosès nyieun angklung tèh gampang pisan. Komo lamun urang geus apal kumaha nyetèlkeun nada dina unggal angklung.
Prosès kahiji, nyaèta milih awi nu rèk dijieun angklung. Èta awi dipoè laju diteukteukan luyu sareng ukuran jeung nada nu diperlukeun. Awi meunang neuteukan dikumbah ku sabun. Prosès saterusna awi dipoè deui dugi ka garing.
Awi nu geus garing terus digambaran motip batik. Pakakas pikeun ngagambaran siga soldèr listrik. Dina ngagambaran tèh kudu tulatèn, sabab hasil gambarna bakal permanèn. Pageuh teu bisa dipupus. Sanggeus digambaran, èta awi tèh dipernis sangkan leuwih artistik tur sangkan leuwih awèt kana bahan.
Sabada dipernis, potongan angklung dipoè deui nepi ka garing. Terus dihijikeun, ditalian ku tali hoè atawa tali awi. Ti dinya disetèl nada. Samèmèh dipasarkeun, angklung ditunda sapoè nepi ka tilu poè pikeun ngaroris kualitas bahan jeung nada. Angklung dipariksa deui, naha aya nu robah boh dina bahan atawa dina nada. Upama aya nu robah, angklung diomèan deui.
Pa Mumu tèh dumukna di Dusun Linggamanik, RT 02, RW 07, Desa Panyingkiran, Kecamatan Ciamis, Kabupatèn Ciamis. Di lemburna aya saratus urang tukang nyieunan angklung binaanana. Dina taun 2014, Pa Mumu ngarintis lemburna jadi Kampung Angklung tèa. Sabada ngamprah ka Pamarèntah Kabupaten Ciamis, dina taun 2016 wewengkon RW 07, Dusun Linggamanik, resmi jadi Kampung Angklung.
Sabada diresmikeun janten Kampung Angklung, Pa Mumu jeung pengrajin sèjènna tara kosong pesenan. Malah Kampung Angklung mindeng dijugjug ku mahasiswa ti luar daèrah pikeun diajar nyieun angklung.
Taun 2016, Pa Mumu kapilih jadi Pelopor Pemberdayaan Masyarakat ku Gubernur Jawa Barat.
Hanjakal, Kampung Angklung Pa Mumu tacan boga galèri. Kitu deui sanggar tempat pikeun midangkeun seni angklung gè can aya. Ku kituna Pa Mumu miharep Pemkab Ciamis sangkan ngabantu pikeun ngembangkeun Kampung Angklung. Pa Mumu boga cita-cita, Kampung Angklungna tiasa jadi tujuan wisata budaya di Kabupatèn Ciamis.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar