Kamis, 14 Maret 2019

Carpon "Imut Cimanuk"

Imut Cimanuk
Ku: Aini Mardiyah

Sèptèmber 2016, Cimanuk caah rongkah ngalèlèd ratusan imah.  Warga korban banjir diungsikeun. Posko pengungsi di sababaraha tempat, kitu deui posko nu miduli bencana jlug-jleg. Donatur nu anggang datang, nu jauh cunduk. Jul-jol bantuan ti mana-mana. Lolobana mah bantuan logistik jeung pakèan. Bèas karungan, mie instan mang kardus-kardus, cai mineral, sangu bungkus, nepi ka susu jeung kuèh pikeun balita gè aya. Papakèan, simbut, ti nu urut nepi ka nu weuteuh nyampak. Kitu meureun ilaharna, nu gancang dipalirè tèh balukar nu sipatna pisik, nu katingali.

Iber bencana banjir sumebar, tepi ka Ani jeung babaturanana saalmamater ti jurusan Psikologi di Bandung. Maranèhna sapuk ancrub trauma healing di pangungsian. Sabab lian ti balukar nu katingali, korban bencana tèh ngarandapan balukar psikis nu karasa alatan musibah. Kitu ceuk padegan Ani jeung babaturanana.

Mimiti mah enya rempeg limaan ngabring ka Garut amit-amit papalaku ka pamarèntah nepungan P2TP2A minangka lembaga nu nguruskeun trauma healing. Tuluy muru Posko pengungsi, nepikeun parèlèan program ka ais pangampih di Posko. Mapay ka unggal Posko penampungan pengungsi, saminggu sakali.
Tapi rempegna tèh ukur dua minggu. Tina limaan, hiji-hiji mundur.
“Sok wè butuh naon? Disuplèy ku didieu. Sampeur ka imah.” Cèk Imas na telepon.  Manèhna teu bisa ingkah da nungguan mitohana nu gering. Enya ti mimiti Ani nawarkeun program trauma healing ka pengungsi, Imas mah langsung siap jeung waragadna. Apan Imas mah salakina pengusaha suksès jeung bèrèhan, naon waè pamènta Imas teu welèh dicumponan.
Imas teu bisa turun ka lapangan, kitu deui Èrna. “Bisana poè Saptu hungkul, mun teu lembur èta gè. Minggu mah maturan Si Akang.” jawab Èrna nu gawè di pabrik tèxtil, basa diajakan deui trauma healing.
Jol tèh Iis nepungan Ani, sasadu moal bisa neruskeun lampah miduli korban caah Cimanuk alatan teu diijinan ku nu jadi salaki. Dalah kumaha kangaranan awèwè mun geus dicaram ku salaki, nya wayahna kudu ngagugu.

Nyèsa duaan, Ani jeung Sipa. Jadwal trauma healing kapaksa dikurangan, sabab ripuh ukur ku duaan mah.
Kakara sabulan lumangsung, der tèh deuih Sipa manggih karerepet.
“Ni, hampura teu bisa ka lapangan. Budak gering.” Sipa nga- WhatsApp.
“Alamat Sipa moal turun deui ka lapangan mun geus kieu.” gerentès hatè Ani basa maca WA ti Sipa.

Imas, Èrna, Iis, jeung Sipa, pugag teu bisa neruskeun trauma healing alatan kulawarga.
Iwal Ani nu teu kabeungkeut. Manèhna masih lalagasan, padahal umurna mah rèk nincak opat puluh taun. Saprak ngarti indungna tihothat sorangan ngurus Ani alatan bapana ninggalkeun imah, Ani teu hayang deukeut jeung lalaki. Hatèna baal nyidem kaceuceub. Ceuk pikirna kabèh lalaki sarua, tukang nganyenyeri. Matak pantes manèhna betah hirup lalagasan.

Ditinggalkeun ku opat babaturanana, teu jadi halangan pikeun Ani neruskeun lalampahan miduli korban banjir. Ani turun sorangan kadua Irpan nu mawa mobil parabot trauma healing ti Posko.
Irpan rèlawan pituin Garut. Wawanohan basa mimiti tepung di Posko Pengungsi. Irpan ti KKG. Komunitas Kopi Garut. Manèhna kapapancènan mawa mobil nu ngangkut logistik ti Posko Komunitas Kopi Garut Miduli Banjir ka Posko Pengungsi.
Ani jeung babaturanana gè dihiap ku pupuhu KKG pikeun babarengan di Posko, da puguh tim trauma healing mah jauh ti Bandung.

“Pangnyandakeun ranselna ku abdi, Bu? Back injuries geura.” ceuk Irpan hiji mangsa di Posko KKG. Hariwangeun ningali Ani mamawa ransel gedè bangun nu beurat, ka Posko pengungsi, bisi cidra tulang tonggong. Tapi Ani ukur seuri maur, “Wios. Tos biasa.” Pokna teugeug. Nolak dibantuan ku Irpan. Terus sorangan leumpang mapay jalan nu sasari.
Lain sakali dua kali Ani nolak mun Irpan nawarkeun bantuan, tapi Irpan teu bosen nawaran.

Sajam leuwih trauma healing lumangsung. Langit angkeub. Hawa karasa tiris. Girimis mimiti kumepris. Ani ngalèngkah gagancangan nyimpen deui parabot trauma healing di Posko KKG.
Sorè hujan ngagebrèt, kapaksa ngiuhan heula di Posko. Hatè Ani tagiwur, inggis balik kapeutingan. Paroman bangun nu bingung. Neuteup ka lawang panto, nyèrangkeun cluk-clakna cai hujan nu beuki kerep.
Poè geus reup-reupan. Hujan raat. Angkutan umum geus carang. Patali marga karasa tiiseun.
“Bu, hayu dijajap ku abdi ka terminal. Wios kana motor?” Irpan nyampak hareupeun Ani. Ani ngahuleng bangun nu mikir. Terus unggeuk ngahayukeun.
“Teu nganggo jèkèt? Ieu anggo...”  Irpan ngasongkeun jèkèt. Jèkèt pulas kasumba ti Badan Pengendalian Bencana Daerah. Rap jèkèt dipakè ku Ani. Terus nuturkeun Irpan ka luar. Clak Ani diuk di tukangeun Irpan.
Sajajalan simpè taya saurang ogè nu nyoara, boh Ani atawa Irpan. Duanana anteng jeung pikiranana sèwang-sèwangan.
Hatè Ani galècok, mimiti aya rasa simpati ku bageurna Irpan ka dirina salila babarengan jadi rèlawan.

Cacap opat bulan trauma healing, pengungsi dirèlokasi. Luyu jeung rarancang program, bantuan psikologi ukur nepi ka rèlokasi. Pikeun saterusna dipasrahkeun ka Pamarèntah Kabupatèn Garut. Sèrèn sumèrèn pormal jeung pihak Pamarèntah rèngsè. Ani terus ka Posko KKG rèk mèrèsan parabot nu dipakè trauma healing. Parabot nu dibawa deui ka Bandung mah ukur proyèktor jeung spiker aktip. Cocooan barudak jeung alat tulis mah ditinggalkeun di Posko.
Ani jongjon bèbèrès sorangan di rohang tempat nyimpen parabot trauma healing. Irpan nyampeurkeun asa-asa. “Peryogi bantosan, Bu?”
“Èh! Iya bolèh, Pa.” Ani rada reuwas kagareuwah.
“Entong nyebat Pa atuh. Bosen di padamelan disebat Pa ku anak buah.” Cèk Irpan.
“Hmm, abdi gè disebat Ibu, asa ku barudak pengungsi.” Ani nembal bari ngadilak.
“Nyebat Aa wè nya, Nèng...” Irpan neuteup Ani. Nu diteuteup ngeluk. Rey... karasa haneut kana beungeut, sebutan Nèng ngompa getih Ani. Buru-buru Ani neruskeun deui mèrèsan cocooan kana kardus.
“Ih, naon ieu? Naon nu karandapan ku kuring ayeuna?” gerentes hatè Ani. “Ulah... ulah...!” Ani naèkeun taktak semu ngabirigidig. Na pikirna pantrang pikeun resep ka lalaki.
Kabèh lalaki sarua. Ukur alus ti luarna. Nutur-nutur hayang beunang, geus beunang mah ngolèmbar terus kabur ninggalkeun kanyeri. Siga nu karandapan ku indungna.

“Okèy, tos bèrès packing. Pamit, nya. Tepung panungtung. Hapunten bilih aya kalepatan salami sasarengan di Garut. Hatur nuhun. Titip salam wè ka sadayana di KKG.” Ani nyolongkrong ngajak sasalaman ka Irpan.
“Masih tiasa kontak, nelpon, WA?” Irpan nalèk bari sasalaman. “Teu kedah. Tos wè dèlèt nomerna!”  Ani rèk metot leungeun ngaleupaskeun ranggeuman Irpan. Tapi Irpan nyekel pageuh. “Naha? Aa nyaah ka Nèng. Nèng ogè sami, pan?” pokna bari neuteup anteb ka Ani. “Ah, sadaya pameget mah sami. Tungtungna nganyenyeri!” sora Ani humandeuar.
“Henteu atuh geulis... henteu sadaya pameget sapertos kitu. Aa tiasa ngabuktikeun, Nèng...” Irpan leuleuy ngusapan ramo Ani, terus nyusut cipanon nu ngalèmbèrèh na pipi Ani.

Ani nu anti lalaki ngarasakeun èndahna asih ligar dina ati. Aya rasa cinta sumarambah dina jero dada. Konci na ati panto na hatè geus muka. Seja mungkas mangsa lalagasan, poho kana kanyeri.

Januari 2018, di jero mobil beureum nu laju ti RSU Garut, palebah jembatan, Ani imut neuteup Cimanuk. Leungeun kènca ngusapan beuteung nu bureuyeung. Leungeun katuhu ngaranggeum leungeun Irpan nu keur ngoperkeun gigi.
Rotin sabulan sakali Ani dianteur ku Irpan mariksa kakandungan. Ngaliwatan Cimanuk nu ngajak imut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar