Kamis, 14 Maret 2019

Carpon "Simponi Haté"

Simponi Hatè
Ku: Aini Mardiyah
“Tèngtèngtèng tèngtèngtèng tèngtèngtèng tèng...” ramo-ramo marucuk mencètan tuts hideung bodas nu ngajajar dina piano, ngagalindengkeun Symphoni 40 in G Mozart. Pikiranana kumalayang ka jauhna, mangsa èndah patepung rerencepan silihlubarkeun kasono.
Tepung munggaran di acara rèuni SMA. Harita Ani diajak bareng kana mobil Sri, sobat dalitna basa di SMA. Mobil disupiran ku Irpan, kapilanceuk Sri. Ani diuk di jok tukang. Irpan mindeng maling rèrèt kana spion, siga nu nilik-nilik Ani nu uplek ngobrol jeung Sri. Ani siga nu terus rasa aya nu nalingakeun, ningali kana spion. Dug, Ani jeung Irpan paadu teuteup.
“Liren heula di payun! Adè pesen donat.” Sri ngeureunkeun mobil hareupeun toko donat. “Antosan sakedap nya, Ni...” cèk Sri laju turun tina mobil.
“Linggih di mana?” Irpan nanya ka Ani muka obrolan.
“Di Gatsu.” Jawab Ani.
“Oh, Gatot Subroto.” Irpan negeskeun.
Teu lila Sri datang mawa kèrèsèk eusi dus donat. Dius deui mobil maju.
Saprak kajadian èta, Irpan mindeng mukaan profil pèsbuk Sri. Panasaran saha sobatna Sri nu balik bareng harita, teu apal ngaran-ngaranna acan, ukur apal disebut Ni. Irpan èra mun kudu tatalèk ka Sri.
Saminggu ti harita, aya nu nga-Add dina Face Book ka Ani. Irpan Endut. Ku Ani ditingali babaturan Sri. Teg. Dibukaan poto-potona, enya wè kapilanceukna Sri nu nyupiran mobil basa acara rèuni. Langsung dikonfirmasi. Teu lila Irpan ngainboks. Wawanohan dipungkas ku mènta nomer WA. Teu mikir panjang, Ani kitu waè ngapungkeun nomer WA na inboks ka Irpan.
Obrolan Ani jeung Irpan pindah kana WA. Teu sirikna unggal usik silih kirim, silih bales WA. Ti mimiti salam wilujeng ènjing, silih sumangetan pagawèan, nepika ngobrolkeun pangaresep sèwang-sèwangan.
Dina mobil jemputan, unggal isuk waktu Ani ka pagawèan jeung sorè mangsa Ani mulang, jadi waktu nu merenah uplek ngobrol di WA. Tina obrolan na WA, Ani jeung Irpan beuki dalit.

 “Pendak yu...” Irpan ngajak tepung ka Ani.
“Hayu.” Ani jug sapuk tepung.
Hiji sorè nu cangra, teu biasana Ani mulang kana angkutan umum. Sapuk tepung jeung Irpan di parapatan. Kasampak Irpan nungguan. Ngasongkeun hèlem, rap dipakè ku Ani. Dius duaan na motor.
Nepi ka hiji tempat. Ukur silihteuteup, taya nu nyoara. Ani ngaluarkeun botol kopi, diuyup.
“Badè?” botol kopi diasongkeun ka Irpan.
“Di mana tadi tilas Enèng?” Irpan nilik-nilik biwir botol. “Oh, ieu.” laju nguyup kopi palebah tapak lipstik Ani. Puguh wè hatè Ani beuki kapaut ku Irpan. Simpè deui, ukur galècok na hatè marengan teuteup anteb. Tilu puluh menit taya paguneman, teu cara silih tèmpas dina WA.
“Uih yu ah...” Ani ngajak mulang.
“Kè heula hujan.” Jawab Irpan. Hujan nu turun kateuing iraha mimitina puguh duanana anteng.
“Wios wè hujan gè.” Ani keukeuh ngajak mulang.
“Kumaha atuh jas hujanna mung hiji?” Irpan ngaluarkeun jas hujan tina bagasi motor.
“Hayu wè...” Ani ngarasa teu genah lila-lila aya di tempat èta. Najan hujan ngagebrèt maseuhan awak, teu dirasa ku Ani nu muntang kana cangkèng Irpan.
“Jajapkeun ka bumi?” Irpan nanya ka Ani.
“Di dieu wè. Ring hiji.” jawab Ani lebah pèngkolan ka imahna.

Jentrung sora WA jadi cukang ngaraketkeun simpay asih Irpan jeung Ani. Najan langka tepung tapi asih nganteng na obrolan pinuh ungkara romantis. Sakapeung diselapan potrèt. Kasono tambah nyoso minuhan dua hatè nu paanggang.
“Pendak yu...” Irpan mindo ngajak tepung. Ani sapuk rèk ngalubarkeun kasono, jangji tepung pasosorè. Diboncèng na motor muru tempat lawung nu buni pikeun paduduaan.
Ti waktu ka waktu, kasono nu tamplok taya lubarna. Kalah terus ngeusian hatè jeung pikiran Ani, kitu deui Irpan.
 “Pendak yu... di tempat biasa.” Ungkara nu teu wasa disinglar. Lir jampè sirep, ngagugu patepung lawung. Matuh unggal minggu.
“Coba mun urang pendak tujuh taun kalangkung.” Kalimah nu teu sirikna unggal tepung dikedalkeun ku Irpan.
“Atos ah, tong ngalamun.” Jawaban nu diucapkeun ku Ani unggal kedal kahanjakal Irpan nu amprok mangsa geus rimbitan.
Enya, Ani geus rarabi tujuh taun katukang. Kitu deui Irpan geus boga anak pamajikan.
Duanana pada-pada ngarti mun ngalèngkah ngaliwatan wates papagon agama. Lain teu apal mun geus mèngpar. Kapalang pakait ati. Kadeudeuh geus nyangreud pageuh.
Ani nu mindeng ditinggalkeun dines ka luar kota ku salakina, asa manggih gunung pananggeuhan di Irpan, geusan nyarandèkeun hatè nu simpè. Irpan puguh ning, aya hatè kadua leutik ka Ani saprak amprok munggaran. Irpan nu terus sèsèlèkèt ngetrokan hatè Ani ku ungkara-ungkara romantis nu tara katampa ti salakina, ngajadikeun Ani lèah. Ngolèmbar rasa, kagèmbang ku nu anyar datang. Tujuh bulan babarengan, asa cikènèh. Tapi carita Ani jeung Irpan geus jauh ngeusian lambar lalakon.

Dina simpèna peuting, Ani èling. Irpan geus nganteur Ani ka basisir asih.  Anteng kokojayan dina sagara rasa nu èdah. Kajongjonan. Èndahna carita duaan patojaiyah jeung aturan. Rumasa kasasar lampah. Rèt ka salaki di gigireun. “Akang... hapunten Enèng hianat.” gerentes hatè Ani bari neuteup nu keur tibra. Nangkeup pageuh nu jadi salaki, bari nganaha-naha diri kagoda ku lalaki lain.
Isukna, sora jentrung WA nu matuh na HP Ani. “Pendak yu...” eusi WA ti Irpan. Dihayukeun ku Ani. Siga biasa pasosorè mulang ti pagawèan tepung di parapatan. Terus duaan ka tempat nu sasari.
“A, atosnya ieu tepung panungtung. Urang pungkas lalakon nu teu luyu sareng papagon.” Cèk Ani ka Irpan, neger-negerkeun diri. Lir hinis nurih ati, kapaksa mungkas kanyaah nu keur ligar.*

WhatsApp Irpan diblokir, nomerna dipupus. Kitu deui Face Book Irpan. Ani tigin nutup sakur lawang jeung luang nu ngabalukarkeun amprok deui jeung Irpan.
Kaleleban. Unggal jentrungna sora WA na HP, matak nyentug kana hatè Ani. Miharep WA ti Irpan nu pamohalan aya, sab dipupus.
Leungiteun nu unggal isuk ngabagèakeun ku ungkara èndah sajak wilujeng ènjing. Leungiteun nu nyumangetan mangsa horèam gawè. Leungiteun nu sok ngolèg ku gambar-gambar lucu. Leungiteun kalimah pangajak nu tara ditolak, “Pendak yu...”

“Tèngtèngtèng tèngtèngtèng tèngtèngtèng tèng...”
Ramo-ramo terus mencetan tuts piano, tèmpona beuki gancang. Ngagalindengkeun simponi hatè nu marudah, bareng jeung murubutna cipanon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar